KUTUKAN SYAHLACIN
Di hiji
poe, aya tilu budak nu hayang pisan jadi jelema kasohor. Eta budak teh
nyaeta Kabayan,Uus, jeung Cimot. Dina hiji carita maranehna teh rek mikirkeun kumaha
carana jadi jelema kasohor. Pas rek indit ka sawah…..................
Uus : “Eh
eh!Tingali geura! Eta naon nu warnana kuning kuning
kuning emas?”
Cimot
:”Ciat ciat ciat..”
Kabayan
:”Lain ciat ai maneh!
Tai meureun eta mah! Cing urang
tingali.”
Cimot
:”Tong tong! Bau ai maneh! Apanan tai cenah
eta teh!”
Uus
:”Tong sok kitu! Hayu ah urang tingali. Eh
geningan brosut
euy!”
Kabayan :”Brosur meureun Us, lain brosut. Cing ah urang baca.”
(bacana dieja)
Cimot
:”Maca teh cing baleg atuh vrooh!”
Kabayan
:”Ah maneh mah kos nu
bisa wae! Yeuh!” (Sabari mere
brosur ka Cimot)
Cimot
:”Hehe.. Teu
atuh teu.. Urang teu bisa maca euy lieur mun
maca tulisan alien mah.
Sok alien mangga teraskeun
macana.”
(Cimot
mere brosur ka Kabayan) (Kabayan
maca
brosur)
Uus
:”Pamilihan boyband? Ngilu yuuk… sugan we arurang
teh
kapilih.”
Sarerea
:” Hayuuuuu hayuuuu….”
Geus teu
mikir lila deui, Kabayan jeung sobat sobatna teh isukana
langsung indit ka Jakarta.Tos nepi di
Jakarta tiluanana teh langsung ngadatangan tempat audisi Boyband.
Cimot :”Euleuh
euleuh euy! Meni megah kieu rohanganna!”
Kabayan&Uus :”
Heu euh geningan. Emejing pisan euy ieu
mah!”
Uus :”Yuk
ah urang asup”
(Di
jero tempat audisi)
Juri
1 : “Hapunten lamun kenging abdi
terang naha sendalnya bet
dibuka?”
Cemes
: “Soalna
studio ieu teh meuni bersih pisan janten abdi
ngalepas sandal abdi ku
sabab lantaina bisi kotor karunya
atuh nu tos ngepel lantena.”
Juri 2 : “Anggo
we sendalna da sanes di masjid ieu!”
Cemes : “Oh kitu
gening nya juri? Hapunten atuh da kita mah apa
atuh.”
Juri 1 : “Nya
atos atuhlah urang
lanjutkeun deui we acarana. Aranjeun
bade
nyanyi naon?
Cemes : “Abdi
sareng rerencangan nyaeta ti grup CEMES, bade
mawakeun lagu I`m Single Ladies versi Chipmunks.”
Juri 2 : “Sok
atuh langsung we urang tampilkeun CEMES I`m single
ladies.”
(CEMES tampil)
Juri 1 :”Aku sih yesss,kumaha Jur?”
Juri2 : “Jur
jur we maneh mah! Emangna urang bujur? Oke. Mun urang mah. Jos
gondos gondos
enjooosssss. Cemes kamu top banget urang bangga ka maneh!!
Love you CEMES!
Love you!!”
Juri 1 :”Nya
muhun muhun tos tos ieu ieu eueut heula eueut heula.”
Juri 2 :”Nuhun nuhun. Sok ayeuna peserta
nomer dua.”
Crew :”Hapunten
juri euweuh deui. Ngan hiji pasertana.”
Juri 2 :”Oh kitu nya. Nya toslah kapaksa maraneh meunang.”
Juri 2 :”Oh kitu nya. Nya toslah kapaksa maraneh meunang.”
Kabayan :”Hah
cius miapa?”
Juri 1 :”Mi
garing make telor. Geus maraneh meunang. Jug
balik.”
Uus :”Alhamdullilah”(Sabari sujud syukur)
Kusabab eta audisi, group CEMES teh jadi terkenal. Tah dina hiji waktu,
CEMES pikeun jadi bintang tamu ka salah sahiji acara. Lain CEMES wae nu diondang ka eta acara teh atanapi
ayaa...
Ce Edo :”Good
morning everybody balik deui dina aja fenomenal urang…”
Ce Onah :”So onah so edo…”
Panonton :”So pisuuun..”
Ce Onah :”Emang heeuh masbuloh?”
Ce Edo
:”Panonton,ayeuna urang teh ngondang bintang
tamu anu nembe pisan kasohor
nyaeta
Boyband CEMES..”
Ceu
Onah :”Keprokan
barudak!!”
Ceu
Edo :”Eh
kumaha damang?”
Cimot
:”Alhamdullilah sesuatu
pisan.”
Uus :”Ih maneh meni alay,tong ngerakeun teukenal
teukenal.”
Ceu
Onah :”Kumaha
rasana jadi boyband terkenal?”
Kabayan
:”Alhamdullilah ayeuna mah loba nu bogoh ka urang da urang
mah rumangsa
pangkasepna
euy..”
Uus :”Eh
meni geuleh bengeut jiga rametuk sampe kitu.”
Kabayan :”Eab
beuhhh.”
Ce
Edo :”Nya
geus ayeuna urang panggilkeun bintang tamu salanjutna nu pang
geulisna sajagat raya. Syahlacin.. Keprokan barudak keprokan.. ”(Sabari disetel
lagu Maju mundur cantik)
Ce
Onah :”Eh si geulis kumaha damang?”
Syahlacin :”Damang wae.”
Ce
Edo :”Ayeuna
teh keur sibuk naon atuh?”
Syahlacin :”Maenya teu apal kieu kieu oge urang
teh juragan daging.”
Ce
Onah :”Weeeh jadi Bu Haji Daging
atuh?”
Syahlacin :”Nya heueuh atuh…yeeeuuh bade moal?(Sabari nunjukan daging) Sok lamun
bade urang catetkeun nu rek nganjuk ge baelah
meh gancang payu.”
Ce
Edo :”Naon
ieu teh jadi promosi daging…Apa kata dunia?”
Ce
Onah :”Baelah urang mesen dua kilo!”
Ce
Edo :”Aduh
durasi yeh jadi beak ku promosi daging…Euleuh euleuh kumaha ieu
teh. Woy woy ieu teh keur di TV atuh maenya kikituan!Nya
enggeslah urang
tutup we acarana .Wassalamualaikum.wr.wb. Tong hilap nonton deui so onah
so edo di TV kita bersama.”
Satos
acarana rengse,Kabayan nu keur falling in love ka si Syahlacin hayang PDKT ka Syahlacin.
Kabayan :”Punten
neng!”
Syahlacin :Aya
naon kang?”
Kabayan :”Euh.. Kieu neng. Abdi
bade menta nomer.”
Syahlacin :”Oh
nomer sandal si emak?”
Kabayan :”Astagfirullah,sanes
atuh, nomor HP eneng”
Syahlacin :”Oh… Sugan teh tukang sol sapatu si Emak. Sok atuh kang ieu
nomor abdi
0812345.”
Kabayan :”Ah si eneng mah maenya personil CEMES nu kasep kieu disangka
tukang sol
sapatu si Emak? Si
eneng mah sok aya aya wae. Nuhun atuh neng engke
cemeesanya.”
Syahlacin :”Oh personil CEMES? (make
kacamata) Oh heueuh paingan mirip si Kabayan.
Muhun kang muhun.”
Kabayan :”
Aduh si eneng mah, nya atos atuh urang ti heula nyaa neng.”
Syahlacin :” Oh oke kang si yuuu..”
Saatos
kitu,peutingna Kabayan teh keur latihan sareng
sobatna,hanjakal Kabayan teu bener latihanna kusabab cemeesan sareng si
Syahlacin gebetana.
Kabayan :”Mikum”
Syahlacin :”Mikum
oge”
Kabayan :”Keur
naon?”
Syahlacin :”Keur
cicing wae,ai akang eukeur naon?”
Kabayan :”Nu
pasti mah keur mikiran eneng atuh”
Syahlacin :”Ah
bisa wae akang mah”
Kabayan :”
Neng bade teu jadi kabogoh abdi?”
Syahlacin :” Sok kang eneng bade jadi kabogoh akang”
Kabayan :”
Alah naha gancang gancang teuing ngajawabna? Pan biasa mah mun di
sinetron sinetron
sok lila teh ngajawabna.”
Syahlacin :”Apan ieu mah lain sinetron atuh kang. Beda deui caritana.”
Kabayan :”Enya atuh neng, berarti urang geus jadian heueuh? Eh neng
isukan bade ka Warteg
Modern teu?”
Syahlacin :”Warteg modern?”
Kabayan :”Eta, Café warteg modern teh.”
Syahlacin :”Okelah”
Kabayan :”Okelah”
Isukanna
Kabayan teh ngajak Syahlacin ka Warteg Modern alias Café. Lantaran kusabab era patepang jeung Kabayan, si Syahlacin ngajak sobatna nyaeta Syahriteung ,eh ternyata....
Syahlacin
:”Eh akang tos lami di dieu?”
Kabayan :”Ah
henteu neng.”
Syahlacin
:”Akang, abdi mawa sobat,namina
Syahriteung.”
Syahriteung :”Kenalkeun
abdi Syahriteung” (bari nyetel lagu pandangan pertama)
Kabayan
:”Oh muhun … Sok atuh caralik heula. Bade
mesen naon Syahriteung?”
Syahlacin :”Ih naha si akang mah ka Syahriteung?”
Kabayan :”Nya
apan tos Syahriteung kakara Syahlacin, kitu kan bener nya Syahriteung?
Sok
bade mesen naon Syahriteung?”
Syahriteung :”Ah abdi mah naon we lah kang. Tiramisu black special ala
Inggris ge teu
Nanaon kang.”
Kabayan :”
Oke neng! Mang kadieu heula! Tiramisu dua jeung teh manis hiji.”
Syahlacin :”Hapunten kang ai teh manis jang saha?”
Kabayan :”Jang
maneh atuh neng!”
Syahlacin :”Ai akang meni tega mere teh kalahkah teh
manis hungkul!”
Kabayan
:”Masbuloh! Urang nu mayar ieu! Nya neng
Syahriteung nyaa.”
Syahlacin :”Ih si akang mah kitu! (omongana teu diwaro lantaran Kabayan ngobrol wae
jeung Syahriteung) Nya geus lah urang ka
cai heula!”
Kabayan
:”Syahriteung?”
Syahriteung :”Aya
naon kang? Asa nu ngobrol wae ti tadi.
Jadi we si Syahlacin jigana
ngambek!”
Kabayan
:”Ah cicingkeun we si Syahlacin mah, keur PMS meureun make ngambek
sagala. Kieu
Iteung…aduh kumahannya ngomong na?”
Syahriteung :”Buru atuh kang rek ngomong naon?”
Kabayan :”Kieu teung. Abdi teh boga puisi jang maneh. Asalna mah ieu
puisi teh jang
Syahlacin ngan abdi
mah tos teu reuseup ka manehna, abdi mah reuseupna ka
Syahriteung.”
Syahriteung :”Alah maenya si akang bogoh ka abdi. Teu percaya urang
mah. Terus maenya
ge si akang bisa
nulis puisi, karya saha eta teh kang?”
Kabayan :”Kalem,
oh karya Al Fath Arda Jatikusuma neng.”
Syahriteung :”Oh budak eta.. Pasti puisi karya budak eta mah alus. Cing abdi
bade terang
puisina kumaha.” (Kabayan maca puisi)
Kabayan :”Jadi
kumaha neng? Wil yu meri mi?”
Syahriteung :”Kalem kang. Urang teh sebenerna teu pati reuseup ka budak ieu
ngan karunya
euy mun teu ditarima
da beungeutna beungeut pikarunyaeun duh kumaha
atuh nya?”
Kabayan :”Kumaha
neng?”
Syahriteung :”Ai tadi teh akang ngomong naon nya?”
Kabayan :”Wil
yu meri mi?” (Sabari mere cingcin)
Syahriteung :”Wah? Batu akik gening euy. Sabarahaan kang? teh resep pisan
batu akik. Di
imah abdi loba pisan
hayo kang. Sok lah mun ieu batu akik jang urang, urang
bade jadi pamajikan
akang.”
Syahlacin :”Apah??!!”
Kabayan :”Eh
si eneng aya naon neng?”
Syahlacin :”Geus tong so ijut,akang naha mere mere batu akik ka Syahriteung?!”
Syahlacin :”Geus tong so ijut,akang naha mere mere batu akik ka Syahriteung?!”
Kabayan
:”Ieu neng, kieu...”
Syahlacin
:”Ah gandeng, geus jelas akang mah salingkuh!”
Syahriteung :”Heueuh
bener maneh mah salingkuh! Huh dasar maneh monyet kuya onta
bagong!”
Kabayan :”Euleuh
naha eneng jadi ambek, laina eneng hayang jadi pamajikan akang?”
Syahriteung :”Saha
ai akang? Da abdi mah hayang batu akikna hungkul. Huh dasar bagong
monyet babi!”
Kabayan :”Tapi
Syahriteung.........”
Syahlacin :” Heh Kabayan teu nyangkanya maneh teh
geningan buaya darat. Maneh
pikir
ieu
cinta teh ka ulinan?”
Kabayan :”(teu bisa ngomong
nanaon ngan uga eugeu).”
Syahlacin :”Dasar maneh mah Kabayan!! Urang benci ka sia! Fuck you
Kabayan! Pokokna
sia urang kutuk jadi
monyet!!!!”
Kabayan :”Ampun
Syahlacin……Ampuun!” (Kabayan tos jadi manusa satengah monyet)
Syahriteung :”Alah.. si Kabayan jadi satengah monyet? Waaaahh asiikk atuh
euy, batu akikna
jang urang, nuhun
atuhnya kang Kabayan. Love you lah..”
Kabayan :”Uu
aa uu aa.”
Akhirna
mah CEMES janten teu tenar kusabab Kabayan jadi jalma satengah monyet.Jadi
urang salaku manusa kudu ngarasa cukup tong sarakah sahabek weh boga 2 awewe nu
dijadikeun kabogohna. Mun jadi jelema satakah
pasti nasibna jiga Kabayan. Da awewe mah apa tuh? Osok di
jieun nyeri hate. Tong dicontohnya
barudaakk....
TAMAT
Unsur Intrinsik
1. Babak : Mun ganti tempat berarti ganti babak
2. Adegan : Ditandaan ku nambahan atawa ngurangan palaku
3. Dialog : Paguneman atawa percakapan anu aya dina naskah drama
4. Prolog : Bubuka, biasana aya di awal drama
5. Epilog : Tulisan anu aya di akhir drama
6. Tema : Inti carita
Drama ieu ngandung tema kutukan jelema ka batur lantaran cintana heunteu kabalas jeung kalakah resep kanu sejen
7. Galur : alur carita
Drama ieu ngandung galur maju kusabab nyaritakeun kajadian saterusna
8. Palaku jeung parwatekan
- Syahlacin : baperan
- Syahriteung : cuek
- Kabayan : php, tebar pesona
- Cimot :rada lemot
- Uus : rada pinter
- Ceu Edo : centil
- Ceu Onah : centil
9. Amanat : urang salaku manusa kudu ngarasa cukup tong sarakah sahabek weh boga 2 awewe nu
dijadikeun kabogohna
Sekian drama singkat ini. Thanks for reading human yang budiman!
Wow bermanfaat sekali terima kasih kak
ReplyDeleteTerima kasih kembali yaaaa :)
Delete